Jumat, 20 Juni 2008

Linux Sunda Version

Posting dari milist sebelah...:D hehehe

Kacaritakeun si Kabayan pindah imah. Imah si Kabayan anu mimiti, ayana di bojong windows. Ku sabab loba wae awaril jeung masalah, ahirna si Kabayah pindah ka babakan Linux. Sok sanajan imahna di bojong windows teh genaheun, pemandangannana asri, sagala rupa fasilitas tersedia, tapi si Kabayan kaitung penghuni teu sah. Ngaran-ngaran penghuni teu sah tea atuh pikiraneun. Peuting teu ngeunah sare, beurang teu ngenah dahar. Sing sarwa sieun, sieun di razia kunu berwajib.
Sanggeus lila nimbang-nimbang, ahirna si Kabayan mutuskeun rek pindah imah ka babakan Linux.
Kaayaan di babakan Linux, sabenerna hanteu saperti anu dibayangkeun ku si Kabayan. Salila ieu si Kabayan ngabayangkeun babakan linux teh masih keneh leuweung ganggong sima gonggong. Jalan ka dinya tarahal. Walurat hese ku cai. jsb.
Lamun baheula mah memang kitu kaayaan babakan linux teh, tapi sanggeus loba anu nyicingan ngadon ngababakan didinya, nya kaayaan lembur babakan linux teh ngaronjat. Jalan mulus ngabulungbung, cai cur cor teu kakurangan. Leuweung anu tadina pi kasieuneun teh diatur dirapih-rapih sangkan ngeunah katingalina jeung teu ngabahayakeun teuing. Malahan mah ieu leuweung teh ayeuna mah sok dimangpaatkeun ku urang babakan linux, boh anu resep moro atawa nu ngala suluh.
Hal sejen anu jadi pertimbangan si Kabayan memeh pindah ka Babakan linux teh nyaeta kaayaan imah. Sok sieun teu pikabetaheun. Ari geus di pindahan mah geuningan teu susah teusing.
Ngaran-ngaran imah tangtu ngabogaan fungsi-fungsi dasar anu sarua, sanajan wanda jeung modelna tangtu beda-beda. Ngaran-ngaran imah pasti aya pantoan, aya tampian, aya enggon aya pawon.
Memang imah si Kabayan anu di bojong windows jeung di babakan linux teh beda. Tapi sanajan kitu, si Kabayan teu bingung nyicingan eta imah, ku sabab nya kitu tea ngaran-ngaran imah mah sarua ngabogaan bagian-bagian dasar anu sifatna universal.
Di bojong Windows, imah-imah teh ngabogaan sababaraha model, aya type 3.1, aya type 98, aya type 2000, type xp malah anu paling anyar aya deui type vista.
sedengkeun di babakan linux mah konsepna make konsep cluster. aya cluster RedHat, cluster Debian, Cluster Slackware, jeung cluster SuSe.
tah dina cluster-cluster ieu oge ngabogaan type anu beda-beda, contona cluster RedHat, aya type RedHat, aya type Fedora, type Mandriva, jsb. anu pang lobana type mah Cluster Debian, aya type Ubuntu, type Knoppix, type IGOS, jrrd.
Si Kabayan milih Cluster RedHat type Fedora, ku sabab ceuk manehna ieu anu paling gampang. manehna milih imah Fedora 9. Kaayaan fedora 9 geus teu eleh ku imah anu di bojong windows type xp atawa vista. masalah penampilan teu eleh rancunit. masalah fungsionalitas, oge teu eleh.
Sabenerna aya perbedaan anu onjoy antara imah di babakan linux jeung di bojong windows. perbedaan ieu nyaeta dina palebah kaamanan imah. Imah-imah di bojong windows mah geus loba kabejakeun osok kaasupan bangsat, boh ti komplotan Virus, Trojan, komplotan Spyware atawa Malware. sok sanajan geus di pasangan konci sagede nanahaon oge, tetep we eta komplotan teh bisa asup. duka teuing kumaha carana. Sedengkeun ari imah-imah di babakan linux mah teu kitu. komplotan-komplotan bangsat teh hese lamun rek asup ka imah. sakabeh elmuna ngadadak cambal. elmu sirep teu teurak, elmu halimunan teu mampuh. atuh bangsat-bangsat teh teu walakaya. sok sanajan aya hiji dua penjahat anu bisa asup, tapi biasana ieu mah lain bangsat sagawayah. jeung deui sasaran na oge lain imah cacah kuricakan.
biasana penjahat sakti kieu mah ngala na teh imah-imah anu mundel eusina, saperti imah-imahna para bankir, sodagar beunghar, jsb.
eta oge bisana asup si penjahat sakti teh, lain ngagunakeun cara anu biasa, nyokel jandela atawa asup tina suhunan sanggeus sakabeh pangeusi imah di sirep.
Penjahat sakti kieu mah boga elmu anu leuwih linuhung. Samalah ceuk cenah mah, manehna teh bisa mancalaputra mancala putri. bisa jadi naon wae, bisa jadi saha wae. memang eta karek cenah, da kumaha carana anu sabenerna mah can aya anu nyahoeun.
Balik deui ka si Kabayan. Ayeuna si Kabayan geus nyicingan imahna anu di babakan linux. Karasa ku si Kabayan, sanggeus cicing di babakan linux, hirup kumbuh jeung batur papada urang lembur babakan linux, pangaweruh manehna aya ronjatna. nya eta kusabab kahirupan di babakan linux mah, sok aya wae hal anu ngadorong si kabayan pikeun tatanya. aya we masalah teh. timimiti masalah ngandir cai, ngarobah tempat huluwotan. neangan tangkal kembang pesenan nyi Iteung, jsb. Anu eta masalah-masalah teh, loloba na mah can pernah kapanggih ku Si Kabayan, sawaktu manehna cicing di bojong windows.

Tidak ada komentar: